Jumat, 08 Maret 2019

Pupujian Sunda Jaman Dulu Paling Merdu LUMPAT SAKABEH JALMA - Syafaat Rosululloh Di Hari Kiamat


LIRIK LUMPAT SAKABEH JALMA Pujian Sholawat Sunda

Allahumma sholli ‘alaa Sayyidinaa Muhammadin Wa aalihi Wa Shohbihi Wa sallim wa barik ‘alaih

Lumpat sakabeh jalma Di udag-udag naraka
Taya pisan nu ngabela Anging amal keur di dunya

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Adam
Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Adam teh ngadawuh

Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah Tuh sugan ka nabi Nuh

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Nuh
Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Nuh teh ngadawuh

Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah Tuh sugan ka nabi Ibrahim

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Ibrahim
Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Ibrohim ngadawuh

Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah Tuh sugan ka nabi Musa

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Musa
Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Musa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah Tuh sugan ka nabi ‘Isa

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi ‘Isa
Menta tulung jeung Syafa’at Nabi ‘Isa teh ngadawuh

Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan
Kaula ge ekeur susah Tuh sugan ka kanjeng nabi

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka kanjeng nabi
Menta tulung jeung Syafa’at Kanjeng nabi teras sujud

Sujud ka yang agung Nyuhunkeun Syafa’at gusti
Gusti Allah teh nimbalan Pek ku anjeun Syafa’atan

Cengkat dina sujud Kanjeng nabi teh ngarejat
Narajang naraka galak Naraka ampun careurik

Hanjat ka meja hejo Kanjeng nabi ngahukuman
Dina waktu genep zaman Jalma rengse sadayana


Tidak ada komentar:

Posting Komentar